RSS

sisingaan

salasawios kesenian nu aya ndi kabupaten subang nyaeta "sisingaan".
sisingaan mangrupikeun kesenian nu di ciptakeun asli ku urang subang. sisingaan di ciptakeun ku sakumpulan pemuda subang nu tepatna teh urang ci herang (sekitar 5 km ti kabupaten subang)
awal mula diciptakeunanana eta kesenian sisingaan teh nyaeta keur nyindir para penjajah nu asup ka indonesia, atuh tangtuna eta kesenian teh ngandung simbol-simbol tertentu, di antawisna nyaeta :

  1. patung singa nyimbolkeun negara penjajah kayaning inggris, belanda, jepang
  2. nu nanggung singa nyimbolkeun persatuan sarta kesatuan rahayat indonesia dina mangsa penjajahan.
  3. nu numpakan eta singa nyimbolkeun generasi muda bangsa indonesia nu rek ngajuangkeun bangsa indonesia "KUDUNAMAH"
  4. alat musik nuditembangkeun nyimbolkeun du'a (suara) rahayat indonesia kanggo memperjuangkeun bangsana
  5. rupa-rupa alat musik na teh (teu ngan hiji alat" nyimbolkeun aneka budaya, agama, sarta bahasa nu dihijikeun dina nalika ngajuangkeun rahayat indonesia
  6. sinden nyimblkeun ketulusan (du'a) sang ibu ka anakna nu nuju berjuang
  7. Payang yang menaungi diatas (teu apal bahasa indonesiana,,, hehe,,) nyimbolkeun kakawasaan sang pencipta.
jadi tiasa disimpulkeun yen kesenian sisingaan teh mangrupi CITA-CITA URANG SUBANG KANGGO MERJUANGKEUN RAKYAT INDONESIA .

taahh,, saparantosna INDONESIA merdeka, kesenian sisingan teu bet dipohokeun, malah ditradisikeun ku masyarakat indonesia terutami kabupaten subang. atuh tinangtu kesenian sisingaan teh ayeunamah beda jeung bareto nu ngan saukur NYINDIRAN BANGSA PENJAJAH, , , , lila-kalilaan, eta kesenian teh dijadikeun RITUAL sateu acan "si anak" di sunat, keur ngahibur eta anak teh supaya bet daek/teu sieun di sunat..

jaman berganti jaman, akhirna dina jaman ayeunamah, kulantaran jaman geus beuki maju, jadi eta kesenian teh dijadikeun hiburan kanggo penonton, atuh ayeunamah nu kenal ka KESENIAN SISINGAAN  teh lain bet saukur urang subang wungkul, urang luar subang ge geus arapaleun kana eta kesenian, bahkan jaman ayeuna mah KESENIAN SISINGAAN teh geus dikenal ku berbagai negara diluar indonesia,,,,,,,,,,

taaaaaaaaahhhhh,,,, urang salaku penduduk SUBANG ulah bet mopohokeun kana iyeu tradisi, so'alna iyeu tradisi teh ASLI 100% MURNI buatan urang subang,,

tos ah, moal panjang lebar, masalahna geus maghrib yeuh,,, haturnuhun kana perhatosanna!!!!
pamugi bermanfaat, amin !!!

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS

0 komentar:

Posting Komentar